Adat Kabiasaan
Sélér bangsa naon waé jeung dimana waé
ayana tangtu ngabogaan budaya séwang-séwangan, sakapeung méh sarua, sakapeung
béda pisan. Rupa-rupa kacirina téh. Upamana tina pakéanana, kaseninanana,
kadaharanana, wangun imahna, jeung adat-istiadatna.
Ari ngurus orok jaman behula tangtu bakal
béda jeung ayeuna nu sarwa lengkep jeung moderen. Baheula mah estu pakakasna gé
sarwa basajan, boh pakakasna boh cara ngurusna. Baheula mah réréana nu
ngalahirkeun diurusna ku paraji. Ayeuna mah
ilaharna ku bidan atawa dokter, komo mun di rumah sakit mah pakakasna gé
meuni sagala aya. Tapi di sawatara daérah boh di kampung
Cara ngurus orok mimitina mah sok
dipapagahan. Anu mapagahanana biasana mah paraji. Sanggeus ngurus nu
ngalahirkeun, biasana paraji gé ngurus orokna. Sajeroning ngurus orok, paraji
méré conto jeung mapagahan ka indungna orok,
pangpangna dara, nu can boga pangalaman ngurus orok, da munggaran pisan.
Ari anu dipapagahkeunana saperti cara
ngamandian, cara ngabedongna, cara ngamongmongna, jeung nepi ka marancahanana.
Lila-lila indung orok téh jadi biasa. Lamun orok heuay kudu téh sok dihalangan
sungutna ku ramo, bari ngucap “sup baju ka kurungan.
Lamun orok sisidueun sok geuwat dijawab
rada digebah, bari ngucap “maling cikur”. Lamun masih sisidueun kénéh, éta orok
sok digebah deui bari nyarita “maling jahé”. Lamun orok tuluy baé sisidueunana,
sok ditapelan pucuk daun seureuh, atawa rambu samak di antara halisna.
Baheula mah ngubaran orok nu sisidueun téh
ku reuwas, nya éta ku cara digebah sangkan reuwaseun. Kumaha ari ayeuna? Tangtu
teu sarua, ngan sabagian aya nu sok ngalaksanakeun éta kabiasaan. Malah teu
kurang nu hasil. Orok eureun tina sisidueunana. Ari sisidueun téh alatan
katiisan. Kiwari mah sok langsung waé awak orok téh dibalur ku kayu putih
atawa minyak tawon sangkan hanet.
Lamun orok beresin sakali, sok ditembalan
ku indungna ku ngucap “ceng sawan”. Lamun ngadua kalian beresinna, sok
ditembalan ku indungna “hurip waras”. Nya kitu deui lamun orok kabesékan, ku
indungna sok ditémbalan, pokna téh: “bong-bong jalan ka gedong”.
Palebah orok ka-terap panas tiris atawa
ceurik teu pupuguh, pangheulaheulana dibura ku panglay, dipupuk ku gegejok
jeung sawanan.
Kumaha di daérah hidep. Masih kénéh aya nu
ngurus orok samodél conto di luhur? Sigana kiwari mah geus langka anu
ngalakukeun kabiasaan saperti éta téh. Tapi upama aya, naha sarua jeung nu
dicaritakeun di luhur? Naon bédana?
Meneran budakna lalaki. Kitu deui geus
nincak mangsa nu meujeuhna disundatan ogé teu leupas tina adat kabiasaan. Di
urang nepi ka kiwari geus jadi kabiasaan, lamun aya budak lalaki
disundatan atawa dihitan sok diayakeun
raraméan.
Gedé leutikna acara raraméan mah gumantung
kana karep jeung kamampuh kolotna. Baraya indung bapana, ti nu jauh ti nu
deukeut, biasana daratang. Nyambungan atawa mantu-mantu pagawéan. Kitu deui
tatanggaNgurus
tatanggana nu dareukeut. Komo lamun sukuran
hitanan téh dibarengan ku pagelaran kasenian. Keur nu salametan rada rongkah
mah, saméméhna budak disunatan téh sok dibawa hélaran, dina iringiringan seni
kuda rénggong mun di Sumedang, atawa sisingaan mun di Subang. Tapi di daérah
séjén gé sok rajeun aya nu nanggap kuda rénggong atawa sisingaan, ngahaja ngadatangkeun.
Budak nu rék dihitan téh katingali gagah
tur gandang. Pakéanana ngempur hurung-hérang. Sajajalan dipirig ku tatabeuhan
kendang penca, ditarompétan, diigelan, sorana kadéngé ka mana-mana. Beuki lila
aleutan téh sok beuki panjang jeung beuki ramé. Katambah-tambah ku barudak nu
kaliwatan sapanjang jalan, dibarung ku surak éak-éakan.
Kiwari mah di daérah pakotaan geus langka
nu ngaréncéng-réncéng budak nu disunatan modél baheula téh. Ayeuna mah dina
ayana gé langsung waé di gedong nu meunang nyéwa. Kitu ogé keur nu loba diut.
Ari nu basajan mah cukup ku siduru isuk waé.
Disundatanana gé baheula mah masih kénéh ku
paraji, nu sok padanyebut béngkong. Ari paraji tukang ngurus nu ngalahirkeun
mah disebutna indung beurang. Kiwari gé kétang teu kurang nu ku paraji. Umumna
nyundatan di pakampungan mah masih kénéh ku paraji. Di kota mah kolot budak nu
disundatan téh aya nu ngangkir dokter ka imah, tapi réa ogé nu ngahaja datang
ka tempat praktékna.
Kitu ogé dina mangsana kawinan. Prak-prakan
upacara ngawinkeun di unggal daérah tara leupas tina adat istiadat. Ngan unggal
daérah béda-béda. Lamun upacarana dibarengan ku kaseian, kasenianana ogé
béda-béda. Aya wayang golék, wayang
kulit, jaipongan, degung, tarling, atawa kasenian séjénna. Éta kabéh
diayakeunana sabada acara nu poko, nya éta acara walimahan.
Salahsahijina upacara nyawér pangantén. Ieu
ogé kagolong adat kabiasanaan atawa tradisi. Sabada dirapalan, pangantén téh
diréndéngkeun dina korsi di buruan. Dipayungan ku payung hias, husus paranti
upacara. Tuluy disawér. Nyawér téh saenyana mah mapatahan atawa nganaséhatan
pangantén, tapi bari ditembangkeun. Disaksian ku saréréa, sakur nu hadir, kolot
budak.
Bari tembang, tukang sawér téh
kadang-kadang ngawurkeun béas tina bokor, campur jeung duit logam, jeung konéng
meunang ngeureutan. Ngawurkeunana kana payung upacara téa. Sora béas
patingparalak. Duitna marurag, patinggorolong. Barudak parebut, pahibut
mulungan duit. Upacara nyawér mah biasana didaragoan, pangpangna ku barudak.
Ramé ari upacara nyawér mah, ramé ku nu marulungan duit, ramé ku nu
saleuseurian, nimbulkeun rasa gumbira.
Dangdanan pangantén téh béda ti sasari.
Didangdanan ku papakéan husus nu ngahaja meunang milih tukang rias. Nepi ka
kiwari ogé rupa-rupa upacara pangantén diparaké kénéh di unggal daérah. Baju
pangantén di unggal daérah ngabogaan ciri has
séwang-séwangan. Dipakékeunana baju pangantén téh pikeun ngabédakeun
jeung nu séjén. Tamu nu datang gé sok langsung apal, nya di antara cirina téh
baju pangantén téa. Pangantén dina poé kawinan mah jadi raja. Ari raja mah
umumna sok maké papakéan nu béda ti nu séjén.
Sarua unggal daérah gé, adat kabiasaanana
teu jauh ti kitu. Nya di sagédéngeun pikeun ngareuah-reuah, ogé pikeun
ngamumulé adat budaya karuhun.
(Sumber: Gentra Basa XI)


