MIKAWERUH
UGA
Uga
atawa ramalan téh geus aya ti baheula mula. Uga lain ukur milik urang Sunda,
tapi sélér bangsa séjén ogé aya, ngan béda-béda istilahna. Kecap uga katelah
hiji omongan anu eusina mangrupa ramalan yén dina hiji waktu bakal aya kajadian
boh nu pikagumbiraeun boh nu pikasusaheun. Ngabuktina ramalan uga teu ukur bisa
ditingali ku mata lahir, tapi kudu dibarengan ku pikiran. Mun teu kaalaman ku
urang, tangtu jaga ku anak incu urang. Upama aya hiji kajadian anu mirip jeung
nu disebutkeun dina uga, sok diaromongkeun “geus tepi kana ugana” atawa
“samorong ceuk uga”
Contona
ieu di handap.
1)
Jaga mah, barudak, sajajalan disaungan, nya buktina aya karéta api.
2)
Gancang carita béja, mun geus aya balabar kawat, nya buktina aya
telegram.
3)
Jaga mah, barudak, batu turun keusik naék, nya buktina aya anak somah
naék pangkat, anak ménak teu naék pangkat.
4)
Jaga mah, barudak, nganteuran ka nu digawé gé mawa kéjo dina iteuk, nandakeun
angker gawé nya buktina aya nu
dagang di pagawéan.
sumber : Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI
Tidak ada komentar:
Posting Komentar