RITUAL
Kampung nu
mayoritas masarakatna masih kénéh ngagem kapercayaan Sunda Wiwitan téh,
dikokolakeun ku tilu sesepuh kampung, nyaéta Sesepuh nu nangtukeun kawijakan
hirup kumbuh tur ngokolakeun ritual taunan dicepeng ku Emen Sunarya (75), Ais
Pangampih nu ngokolakeun kamasarakatan dicepeng ku Widia (50), jeung Panitén nu
ngokolakeun kapamudaan jeung tani sampeu dicepeng ku Asep Wardiman (45).
Lega lahanna
kurang leuwih 100 héktar, kabagi kana opat bagian, nyaéta 10 héktar lahan
padumukan, 25 héktar leuweung baladahan (lahan tani sampeu), sarta 65 héktar
kabagi kana leuweung tutupan jeung larangan.
Kagiatan ritual
taunan nu panginsidéntalna di Cireundeu nyaéta ‘Sérén Taun Ngemban Taun Saka’
unggal tanggal 1 Sura, nu sok disebut Suraan. Tempatna di Balé Saréséhan—legana
6x6 m lengkep jeung panggung pintonan kasenian nu legana 6x4 m—, pernahna di
tengahtengah kampung. Tujuanna lian ti nutup jeung mapag taun anyar Saka, ogé
salametan tina hasil tani jeung ingoningon, ngaharib-harib Sérén Taun di
Kuningan.
Lian ti éta, Balé
Saréséhan gé gedé pisan fungsina pikeun para nonoman di dinya, pikeun
dijadikeun tempat diajar aksara Sunda Kuna jeung rupaning kasenian Sunda
(celempungan, gondang, karindingan, angklung buncis, mamaos, jeung degung).
Sumber : Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas
XI
Tidak ada komentar:
Posting Komentar