Babasan jeung paribasa salah sahiji karya
para karuhun jeung bujangga Sunda nu mibanda sistem ajeninajen aktual tur
relevan sarta teu laas ku kamajuan jaman. Paribasa jeung babasan ditilik
tina tingkatan budaya kaasup kana tingkat karsa, anu eusina ngandung rupa-rupa
maksud enggoning ngahontal kadamean, katengtreman, kaadilan, panyalindungan
dina nyorang parobahan budaya ti mangsa ka mangsa. Nilik kana eusina bisa
dibagi jadi tilu kelompok, nyaéta wawaran luang, pangjurung laku hade, jeung
panyaram lampah salah.
Paribasa wawaran luang eusina ngandung maksud pikeun jadi
picontoeun atawa pieunteungeun. Picontoeun gambaran laku hadé sangkan
jadi tuladeun milampah kahadéan, sedengkeun pieunteungeun mah jadi gambaran
laku goréng atawa lampah salah sangkan ulah diturutan. Geura ieu contona di
handap.
Wawaran luang:
1) Uyah mah tara téés ka
luhur
Hartina: Tabiat nu jadi anak
moal pati jauh jeung tabiat kolotna
2) Uncal tara ridueun ku tanduk
Hartina: boga élmu pangaweruh mah moal hésé mamawa
3) Wiwirang dikolongcatang nya gede nya
panjang
Hartina: ngalaman hiji kajadian anu matak pikaéraeun
4) Umur gagaduhan, banda sasampiran
Hartina: Umur jeung harta banda hakékatna milik Allah Swt.
5) Ungguh baléwatangan
Hartina: dibawa ka pangadilan
Panyaram lampah salah:
6) Ulah unggut kalinduan, ulah gedag
kaanginan
Hartina: ulah sieun, kudu gedé kawani
7) Ulah koméok méméh dipacok
Hartina: ulah waka nyebut teu sanggup saacan dicoba
8) Ulah incah balilahan
Hartina: ulah rék ninggalkeun tapi kudu tetep satia
9) Ulah nyeungceurikan upih ragrag
Hartina: Ulah popoyok ka jalma nu geus kolot sabab urang gé bakal
ngalaman
10) Ulah cara ka kembang malati kudu cara
ka picung
Hartina: ulah babari bosenan, tapi kudu satia salilana
Pangjurung laku hadé
11) Kudu bisa ngeureut pakeun
Hartina: Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki, kudu sina mahi
12) Kudu boga pikir rangkepan
Hartina: Ulah sabongbrong, kudu aya rasa curiga.
13) Kudu hadé gogod hadé tagog
Hartina: Hadé basa jeung
hadé tingkah lakuna.
14) Kudu nepi méméh indit
Hartina: Kudu direncanakan
kalawan asak
15) Kudu bisa kabula kabalé
Hartina: Kudu bisa mawa
awak
Sumber :Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI
Sumber :Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI
Tidak ada komentar:
Posting Komentar